Ditatar Sunda (wewengkon Jawa Barat) dumasar bahanna mah karinding téh aya dua rupa, 1) nu dijieun tina palapah kawung (sebut: karinding kawung) jeung 2) nu dijieun tina tangkal awi (sebut: karinding awi). 1.5.2 Kawung . Kawung nya éta salahsahiji jenis tutuwuhan kelompok palem (Latin: palmaceae). Dina basa Indonésia, kawung disebut arenMasarakat leuwih mikaresep budaya deungeun tibatan budayana sorangan tur miboga anggapan yén ngalaksanakeun budaya lokal téh kuno, teu saluyu jeung kamekaran jaman. Lian ti kitu, ku ayana globalisasi téh kajadian lunturna ajén-ajén kabudayaan jeung gaya hirup nu teu saluyu jeung kultur masarakat Indonesia. Tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadéskripsikeun prak-prakan minton kasenian calung, waditra-waditra anu dipaké dina kasenian calung, tur ajén budaya anu nyangkaruk dina kasenian calung nu aya di Kecamatan Majalaya Kabupaten Bandung. Ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode déskriptif kualitatif, kalayan téknik ngumpulkeun data anu dilakonan nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Tina ieu panalungtikan bisa dipikanyaho yén kasenian calung téh nyaéta kasenian Sunda hususna dina widang seni musik, tangtuna anu jadi waditra utamana nyaéta calung éta sorangan tur dilengkepan ku waditra-waditra séjénna. Dina prakna minton kasenian calung lian ti lalaguan anu dihaleuangkeun ogé aya bobodoran jeung sempal guyon antara pamaén calung. Ajén budaya nu aya dina kasenian calung téh nyaéta 1 hakékat hirup, nu mana nuduhkeun yén urang kudu kersa usaha jeung ihtiar pikeun kahirupan anu leuwih hadé, 2 hakékat karya, nu nuduhkeun yén kasenian calung mangrupa hasil karya masyarakat Kacamatan Majalaya, 3 Hakékat kalungguhan manusa dina ruang jeung waktu, nu nilik mangsa bihari salaku hal penting pikeun nyanghareupan mangsa nu bakal datang, 4 hakékat hubungan manusa jeung alam sabudeureunana, nu nuduhkeun yén manusa téh makhluk nu leuwih mulia ti batan makhluk Pangéran séjénna, jeung 5 hakékat hubungan manusa jeung sasama manusa, nu nuduhkeun yén manusa mikabutuh manusa séjénna. Kecap Galeung kasenian, calung, ajén budaya Masyarakat lebih menyukai budaya luar dari pada budayanya sendiri dan memiliki anggapan bahwa melaksanakan budaya lokal adalah hal yang kuno, tidak sesuai dengan perkembangan jaman. Selain dari itu, karena adanya globalisasi terjadi lunturnya nilai-nilai budaya serta gaya hidup yang tidak sesuai dengan kultur masyarakat Indonesia. Tujuan penelitian ini untuk mendeskripsikan tata cara pertunjukan kesenian calung, alat-alat yang dipergunakan dalam kesenian calung, serta nilai budaya yang terkandung dalam kesenian calung di Kecamatan Majalaya Kabupaten Bandung. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif kualitatif, dengan teknik pengumpulan data yaitu dengan observasi, wawancara, dan dokumentasi. Dari penelitian ini, bisa diketahui kesenian calung adalah kesenian sunda khususnya dalam bidang seni musik, tentunya yang menjadi alat musik utamanya adalah Discover the world's research25+ million members160+ million publication billion citationsJoin for free Ajén Budaya Kasenian Calung di Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung Bagus Wiranto Departemen Pendidikan Bahasa Sunda, FPBS UPI bagus14wiranto Abstrak Masarakat leuwih mikaresep budaya deungeun tibatan budayana sorangan tur miboga anggapan yén ngalaksanakeun budaya lokal téh kuno, teu saluyu jeung kamekaran jaman. Lian ti kitu, ku ayana globalisasi téh kajadian lunturna ajén-ajén kabudayaan jeung gaya hirup nu teu saluyu jeung kultur masarakat Indonesia. Tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadéskripsikeun prak-prakan minton kasenian calung, waditra-waditra anu dipaké dina kasenian calung, tur ajén budaya anu nyangkaruk dina kasenian calung nu aya di Kecamatan Majalaya Kabupaten Bandung. Ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode déskriptif kualitatif, kalayan téknik ngumpulkeun data anu dilakonan nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Tina ieu panalungtikan bisa dipikanyaho yén kasenian calung téh nyaéta kasenian Sunda hususna dina widang seni musik, tangtuna anu jadi waditra utamana nyaéta calung éta sorangan tur dilengkepan ku waditra-waditra séjénna. Dina prakna minton kasenian calung lian ti lalaguan anu dihaleuangkeun ogé aya bobodoran jeung sempal guyon antara pamaén calung. Ajén budaya nu aya dina kasenian calung téh nyaéta 1 hakékat hirup, nu mana nuduhkeun yén urang kudu kersa usaha jeung ihtiar pikeun kahirupan anu leuwih hadé, 2 hakékat karya, nu nuduhkeun yén kasenian calung mangrupa hasil karya masyarakat Kacamatan Majalaya, 3 Hakékat kalungguhan manusa dina ruang jeung waktu, nu nilik mangsa bihari salaku hal penting pikeun nyanghareupan mangsa nu bakal datang, 4 hakékat hubungan manusa jeung alam sabudeureunana, nu nuduhkeun yén manusa téh makhluk nu leuwih mulia ti batan makhluk Pangéran séjénna, jeung 5 hakékat hubungan manusa jeung sasama manusa, nu nuduhkeun yén manusa mikabutuh manusa séjénna. Kecap Galeung kasenian, calung, ajén budaya Abstrak Masyarakat lebih menyukai budaya luar dari pada budayanya sendiri dan memiliki anggapan bahwa melaksanakan budaya lokal adalah hal yang kuno, tidak sesuai dengan perkembangan jaman. Selain dari itu, karena adanya globalisasi terjadi lunturnya nilai-nilai budaya serta gaya hidup yang tidak sesuai dengan kultur masyarakat Indonesia. Tujuan penelitian ini untuk mendeskripsikan tata cara pertunjukan kesenian calung, alat-alat yang dipergunakan dalam kesenian calung, serta nilai budaya yang terkandung dalam kesenian calung di Kecamatan Majalaya Kabupaten Bandung. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif kualitatif, dengan teknik pengumpulan data yaitu dengan observasi, wawancara, dan dokumentasi. Dari penelitian ini, bisa diketahui kesenian calung adalah kesenian sunda khususnya dalam bidang seni musik, tentunya yang menjadi alat musik utamanya adalah calung itu sendiri dan dilengkapi dengan alat musik lainnya. Dalam pertunjukan kesenian calung, selain menyuguhkan lagu-lagu yang dinyanyikan juga ada bobodoran yang disertai gerakan-gerakan yang lucu antara pemain calung. Nilai budaya yang terdapat dalam kesenian calung, yaitu 1 hakikat hidup, yang mengajarkan bahwa kita harus mau berusaha dan berikhtiar untuk kehidupan yang lebih baik, 2 hakikat karya, yang menunjukan bahwa kesenian calung adalah hasil karya masyarakat Kecamatan Majalaya, 3 Hakikat kedudukan manusia dalam ruang dan waktu, yang melihat bahwa masa lalu merupakan hal yang penting untuk menghadapi masa yang akan datang, 4 hakikat hubungan manusia dengan alam sekitarnya, yang menunjukkan bahwa manusia adalah makhluk yang lebih mulia dari makhluk Tuhan yang lainnya, dan 5 hakikat hubungan manusia dan sesama manusia, yang menunjukkan bahwa manusia yang satu membutuhkan manusia yang lainnya. Kata Kunci kesenian, calung, nilai budaya PENDAHULUAN Kabudayaan téh miboga wujud nu tangtu. Liliweri 2014, kc. 12 ngébréhkeun kabudayaan ditilik tina wujudna, kabagi jadi dua, nya éta kabudayaan matéril jeung kabudayaan non-matéril. Kabudayaan matéril nu mangrupa hasil tina karya cipta, rasa jeung karsa manusa dina wangun barang. Sedengkeun kabudayaan non-matéril mangrupa cipta, rasa, karsa manusa nu mangrupa adat-istiadat, aturan-aturan, élmu pangaweruh, agama, seni, jsb. Hartina kabudayaan non-matéril sipatna abstrak tanwujud, ngan ukur bisa dirasakeun. Calung mangrupa salah sahiji kasenian Sunda. Disebut kasenian calung ku sabab salah sahiji waditrana aya nu ngaranna calung. Sok sanajan dina prakna mah kasenian calung téh teu ngan saukur waditra calung hungkul, tapi dibarengan ku vokal/lagu jeung waditra nu séjén kayaning kendang, kecrék, jeung goong. Calung téh dijieunna tina awi, tur ditabeuhna ku cara ditakol. Kasenian calung kiwari mah dipintonkeun salaku hiburan pikeun masarakat. Dina Rosikin 2013, kc 3, asalna mah calung téh dipaké pikeun ngabeberah haté nu keur kekeprak nyieuhkeun manuh di sawah. Calung ogé bisa jadi sarana pikeun ngaéksprésikeun rasa hiji jalma nu keur ngarandapan konflik batin. Lian ti éta, calung ditabeuh dina upacara upacara nu tangtu kayaning upacara panén paré. Sakumaha nu ditétélakeun ku Aprilianti, spk 2022, kc. 998 yén kabudayaan Indonésia dina mangsa kiwari téh geus kapangaruhan ku budaya luar lantaran globalisasi, nu mana masarakat leuwih milih jeung resep ka budaya deungeun jeung géngsi ngalaksanakeun budaya sorangan budaya lokal lantaran miboga anggapan yén budaya lokal téh budaya nu kuno jeung teu saluyu jeung pergaulan mangsa kiwari. Di sagédéngeun éta, nu jadi lantaran kasenian calung méh-méhan pareumeun obor téh masarakat kurang neuleuman kana ajén budaya nu nyangkaruk dina kasenian calung. Aprilianti, spk 2022, kc 996 nétélakeun ku lantaran ayana globalisasi mucunghul sababaraha masalah dina widang kabudayaan, kayaning leungitna budaya asli hiji daérah, ayana érosi ajén-ajén budaya, turunna rasa nasionalisme jeung patriotisme, leungitna sipat mimitraan jeung gawé bareng, jeung gaya hirup nu teu saluyu jeung kultur Indonésia. Upama masarakat apal jeung neuleuman kana ajén budaya nu nyangkaruk dina seni calung téh dipiharep bisa leuwih mupusti warisan karuhun urang. Sedengkeun dina Kadiyono jeung Harding 2017, kc. 33 nétélakeun yén bencana alam mangaruhan kana lunturna ajén budaya lantaran masarakat nu jadi korban bencana téh can bisa nyokot kaputusan sorangan, jeung ngatur paripolah maranéhna, sarta maranéhna can mampuh milih jeung ngabentuk lingkunganna saluyu jeung kabutuhanana, can miboga tujuan nu pasti dina hirupna, jeung maranéhna teu usaha pikeun neuleuman jeung mekarkeun diri maranéhna sacara bener-bener. Panalungtikan sacanna nu aya pakaitna jeung ieu panalungtikan téh nyaéta ku oleh Rusmalinda 2017, Lestari 2016, Desita 2015, Sukamdani 2014, dan Agustyn 2015. Anu ngabédakeun panalungtikan saacanna jeung ieu panalungtikan téh nyaéta lian ti objékna anu mangrupa kasenian calung ogé ditilik tina analisisna, ngeunaan lima orientasi ajén budaya numutkeun Kluckhon dina Koentjaraningrat, 1985, kc. 28-30 nyaéta hakékat hirup MH, hakékat karya MK, hakékat manusa kana waktu MW, hakékat manusa kana alam MA, jeung hakékat hubungan manusa jeung papada manusa MM. METODE Métode panalungtikan nu digunakeun ku panalungtik téh nyaéta métode déskriptif kualititif. Métode déskripsi digunakeun ku panalungtik pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, atawa hal-hal anu geus disebutkeun, nu hasilna dipedar dina laporan panalungtikan Arikunto, 2013, kc. 3. Métode déskripsi di dieu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun prak-prakan jeung ajén budaya dina kasenian calung di Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung. Saterusna anu jadi sumber data ieu panalungtikan téh nya éta jalma nu dianggap sesepuh atawa kokolot di éta wewengkon jeung jalma anu mikanyaho kana ieu seni calung ti bihari nepi ka kiwari. Lian ti éta ogé, nu jadi sumber data téh nyaéta pustaka-pustaka nu patali jeung ieu panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, panalungtik maké téhnik ngumpul data ku cara obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Sugiyono, 2015, kc 63. 1 Obsérvasi, dilakonan ku panalungtik nalika ilubiung kana kaayaan sosial nu lumangsung di lapangan. Dina ieu léngkah, panalungtik sacara jero neuleuman hal-hal nu katempo, kadéngé, jeung karasa nalika di lapangan. 2 Wawancara, dilakonan ku panalungtik ku cara nyusun instrumén wawancara nya éta patalékan-patalékan anu diajukeun ka informan. Tuluy, hasil tina wawancara téh dicatet tur dirékam, ieu téh anu bakal jadi sumber data panalungtikan. 3 Dokuméntasi, dilakonan ku panalungtik ku cara ngadoméntasikeun sakumna hal nu lumangsung di lapangan nalika ngalaksanakeun panalungtikan ti mimiti nepi ka ahir anu patalina jeung kasenian calung. Instrumén panalungtikan anu dipaké pikeun ngumpulkeun data tur satuluyna diolah sangkan bisa ngahontal tujuan panalungtikan. Instrumén-instrumén anu dipaké dian ieu panalungtikan téh, diantarana 1 Kaméra digital, digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan-kagiatan panalungtikan dina wangun foto jeung video, kayaning obsérvasi lapangan anu aya pakaitna jeung hal-hal kasenian calung, 2 Alat Rekam, handpone mangrupa alat anu dipaké pikeun ngarékam sora, motrét jeung midio kagiatan wawancara nalika lumangsungna panalungtikan, dina léngkah ngumpulkeun data ngeunaan kesenian calung, jeung 3 Pedoman wawancara, dirancang pikeun ngawawncara narasumber nu mikanyaho kana kasenian calung, sangkan bisa lumangsung kalayan lancar nalika prosés wawancara. Ku kituna, panalungtik nyusun sababaraha patalékan anu digunakeun pikeun wawancara. Sabadana data kakumpul, panalungtik ngaidéntifikasi tuluy dianalisis ku cara métode déskriptif. Anu didéskripsikeunana nya éta déskripsi umum wewengkon Kacamatan Majalaya, prak-prakan kasenian calung, waditra-waditra anu dipaké dina kasenian calung, fungsi kasenian calung, jeung ajén budaya anu nyangkaruk dina kasenian calung, ieu dilakonan sangkan ngajawab pasualan-pasualan nu aya. HASIL DAN PEMBAHASAN Hasil tina ieu panalungtikan téh ngajéntrékeun 1 déskripsi umum wewengkon Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung, 2 prak-prakan kasenian calung jeung waditra-waditra anu dipakéna; 3 fungsi kasenian calung, jeung 4 ajén budaya nu nyangkaruk dina kasenian calung di Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung Déskripsi Umum Kecamatan Majalaya Kecamatan Majalaya nyaéta salah sahiji kecamatan anu aya di Kabupatén Bandung, Provinsi Jawa Barat. Kecamatan Majalaya ngawates jeung sababaraha kecamatan di sabudeureunana diantarana, di belah kalér ngawates jeung Kecamatan Solokan Jeruk, Kecamatan Ciparay di belah wétan, Kecamatan Pacét di belah kidul, tur Kecamatan Paséh jeung Ibun di belah kulon. Sacara géografis, kontur taneuh Kecamatan Majalaya rélatif datar, iwal di belah kidul mah rada nanjak. Walungan Citarum ngagurat Kecamatan Majalaya. Majalaya ngahubungkeun Kota Bandung jeung Kabupatén Garut via Cijapati jeung Kamojang. Kacamatan Majalaya diwengku ku 11 Désa nyaéta Désa Bojong, Désa Majalaya, Désa Padamulya, Désa Majasétra, Désa Sukamukti, Désa Biru, Désa Padaulun, Désa Majakerta, Désa Néglasari, Désa Sukamaju, jeung Désa Wangisagara. Jumlahna 175 RW jeung 637 RT. PPID Kabupatén Bandung Prak-prakan Kasenian Calung Saacan kasenian calung minton, ilaharna pamaén calung ngalakonan heula latihan. Latihan nu dilakonan téh teu miboga jadwal nu rutin jeung tangtu, ku sabab para pamaén calung miboga kasibukan séwang-séwangan. Latihan téh dilakonan ti tilu poé saacan prakna minton. Tiap latihan, pamaén calung nyieun carita bobodoran anu diseselkeun kana lagu. Carita bobodoran téh disaluyukeun jeung acara sarta kamekaran jaman. Lian ti éta, pamén ogé latihan gerakan dina nakol calung sangkan némbongkeun karempegan dina prakna minton calung. Prak-prakan minton kasenian calung di Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung dimimitian ku dalang muka pintonan calung. Dina muka pintonan calung, dalang ngawanohkeun heula grup calungna ku cara ngalagu. Sanggeus kitu, dalang ngawanohkeun para pamaén calung nu jadi nayaga, jeung pamaén calung nu miboga peran ngabodor. Dina ngawanohkeun pamaén calung, dalang jeung nayaga séjénna ngalagu bari nakolan waditra calung minangka musik nu mirigna. Pamaén calung téh ilaharna ngawengku pamaén kingkin 1, kingkin 2, ketuk, panerus 1, panerus 2, koét, kendang, jeung goong. Éta nu disebutan téh acan katambahan ku pamaén anu maké alat modérn, kayaning tamborin jeung keyboard. Sanggeus dalang ngawanohkeun para nayagana, nayaga nu boga peran ngabodor jeung dalang baris bari nakolan calung jeung némbongkeun kaparigelan jeung karempeganana dina maén calung ngaliwatan gerakan-gerakan anu pikaseurieun. Pamaén anu boga peran ngabodor dibarengan jeung dalang langsung ngawangun pormasi-pormasi anu geus dijieun nalika latihan, tuluy bari nakolan calung téh bari sempal guyon némbongkeun gerakan-gerakan nu pikaseurieun. Sanggeus kitu, pamaén calung silih témpas bobodoran jeung pamaén calung séjénna. Unggal pamaén calung ngabodor sabari ngalagu. Sanggeus kabagéan ngabodor mah unggal pamaén téh ngajajar bari nakolan calung. Sanggeus kitu, para pamaén calung mintonkeun lagu-lagu calung nu dina tiap eureun lagu diseselan ku bobodoran. Nu ilaharna dikawihkeun dina kasenian calung téh laagu-lagu calungna sorangan, pop sunda, jeung dangdut. Pintonan calung lumangsung salila 3-4 jam atawa nepi ka waktu nu geus ditangtukeun. Waditra-waditra Kasenian Calung 1 Calung Dina kasenian calung, tangtuna anu jadi waditra utamana nyaéta Calung. Di Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung, nu ilaharna dipaké minton téh nyaéta jinis calung jingjing. Aya ogé di salah sahiji grup nyaéta “Gandari Kiwari” pingpinan Abah Dedi Gandari anu ngolaborasikeun calung jingjing jeung calung rénténg/rantay. Wangunna calung rantay/rénténg tapi bisa dijingjing. Dina waditra calung téh dipasing-pasing deui, aya nu ngarana kingkin, ketuk, jeung panerus 2 Kendang Kendang nyaéta waditra nu dijieunna tina kulit, dipaénkeunana ku cara ditakol, sarta miboga fungsi salaku nu ngatur wirahma lagu. Kendang kaasup kana waditra gamelan Kubarsah, 1994, kc. 72. Kendang nu dipaké dina kasenian calung ilaharna miboga fungsi pikeun ngatur ketukan lagu jeung ngeusian lagu sangkan leuwih euyeub. 3 Goong Goong nyaéta waditra nu dijieunna tina logam perunggu, dipaénkeunna ku cara ditakol ku panakol, sarta miboga fungsi salaku panutup dina ahir kalimah lagu Kubarsah, 1994, kc. 94. Goong kaasup kana waditra gamelan. Anapon goong nu dipaké dina kasenian calung nyaéta gong leutik kempul jeung goong gedé. Fungsi Kasenian Calung Sakumaha nu ditétélakeun ku Liliweri 2014, kc 356 yén aya sababaraha fungsi seni, diantarana 1 Fungsi kognitif, nyaéta seni méré informasi ngeunaan hal anu dipikanyaho seniman nu aya di lingkungan sabudeureunana. Dina kasenian calung bisa katitén aya fungsi kognitif nyaéta seni calung bisa méré informasi ka masarakat ngeunaan seni calung, mangrupa kasenian nu aya di Kecamatan Majalaya Kabupatén Bandung anu kudu diraksa jeung diriksa. 2 Fungsi éstétika, nyaéta seniman mintonkeun hiji karya seni nu sipatna harmonis, pikaresepeun, ogé mibanda kaéndahan. Dina kasenian calung katitén yén ieu kasenian téh kagolong kana seni musik nu ngagunakeun waditra-waditra nu miboga nada kaasup calung éta sorangan. Calung ilaharna miboga nada péntatonis, kalayan laras pélog, madenda, jeung saléndro anu bisa mirig mangarupa-rupa lagu boh lagu calung éta sorangan, pop sunda, ogé nepi ka dangdut bisa dipirig ku calung. Lian ti mintonkeun lalaguan, calung ogé mintonkeun bobodoran anu pikaseurieun tur pikaresepeun. Kaéndahan anu katitén dina kasenian calung tangtuna dina musikna éta sorangan anu ngalagena, gerakan-gerakan anu rempeg diatur nalika para pamaén nabeuh calung, ogé raksukan atawa kostum anu alus dipaké ku para pamaén nalika mintonkeun kasenian calung. 3 Fungsi pronosis, nyaéta seniman ngagambarkeun ngeunaan mangsa kahareupna ngaliwatan karya seni. Dina kasenian calung bisa katitén fungsi pronosis nyaéta dina kasenian calung ti mangsa ka mangsa ngalaman parobahan, tuluy nuturkeun jaman, anu satadina kasenian calung téh ditabeuh sacara mandiri, sedengkeun kiwari mah seni calung téh dibarengan ku waditra-waditra séjén, kayaning waditra-waditra modérn. Aya bahan dina mangsa anu bakal datang kasenian calung leuwih mekar ku alatan tuluy robahna jaman. 4 Fungsi rékréasi, nyaéta ngaliwatan seni bisa dipikanyaho hal anu bisa dihasilkeun ku seniman. Dina kasenian calung bisa katitén fungsi rékréasi nyaéta bisa dipikanyaho anu dihasilkeun ku para pamaén calung téh kayaning lagu-lagu, gerakan-gerakan anu rempeg nalika minton kasenian calung, tur bobodoran anu diciptakeun saluyu jeung téma acara nalika kasenian calung minton. 5 Fungsi niléy/ajén, nyaéta seniman bisa minton aktivitas manusa ngaliwatan karya senina nu mibanda ajén di jerona. Tangtuna dina unggal kasenian pasti miboga ajén atawa niléy, salah sahijina kasenian calung ieu. Sakumaha anu rék dipedar téh nyaéta salah sahijina, ajén budaya anu nyangkaruk dina kasenian calung. 6 Fungsi didaktif, nyaéta pesen anu rék ditepikeun ku seniman bisa ngaliwatan karya seni. Ieu fungsi bisa katitén dina kasenian calung diantarana tina lagu-lagu anu dipintonkeun tangtuna ngandung amanat atawa pesen anu ditepikeun ka pamiarsa, Lian ti éta, nalika dina sési bobodoran pasti diselapan amanat/pesen anu bisa dicokot ku pamiarsa anu nyakseni kasenian calung. Ajén Budaya dina Kasenian Calung Ajén budaya nu nyampak dina kasenian calung tangtu aya patalina jeung masalah nu aya dina kahirupan. Ku kituna, pikeun maluruh ajén budayana ngagunakeun tiori nu ditétélakeun ku Kluckhohn., nyaéta hakékat hirup MH, hakékat karya MK, hakékat kalungguhan manusa jeung waktu MW, hakékat hubungan manusa jeung alam MA, jeung hakékat hubungan manusa jeung sasamana MM dipedar ieu di handap. 1 Hakékat hirup MH, anu nyebutkeun yén hirup téh pikasediheun, tapi manusa kudu ihtiar sangkan hirupna hadé. Ajén budaya anu nyangkaruk dina kasenian calung katitén tina hal anu karandapan ku para pamaén calung dina kahirupanana. Cara nyanghareupan kahirupanana sangkan teu pikasediheun sarta teu pikasusaheun, para pamaén calung kudu ihtiar sarta usaha pikeun hirupna jadi leuwih hadé. Nilik kana fungsina salaku hiburan anu ditanggap panggung ka panggung, tangtuna sok dibéré matéri sasieureun sabeunyeureun tinu nanggap calung. Éta hal bisa mantuan pangabutuh kahirupan para pamaén calung dina nyumponan pangabutuh kahirupanana. Hakékatna mah kahirupan bakal leuwih hadé upama manusa daék usaha sarta ihtiar, tur hasilna pasrahkeun Ka Nu Kawasa. 2 Hakékat karya MK anu nyebutkeun yén karya manusa miboga udagan pikeun kahirupan. Ajén budaya nu nyangkaruk dina kasenian calung bisa katitén tina hasil karya kasenian calung éta sorangan. Kasenian calung mangrupa éksisténsi nu nuduhkeun yén ayana kasenian calung téh alatan aya nu nyiptakeunana. Hartina, kasenian calung téh mangrupa hasil karya manusa. Najan kasenian calung teu cindek saha nu nyiptakeunana, tapi alatan ayana kamekaran jeung parobahan nalika ieu kasenian calung gelar di Kecamatan Majalaya sarta geus diaku ku pamaréntah Kabupatén Bandung, mangka kasenian calung mangrupa karya ti masarakat. Di dieu ogé, ku ayana kasenian calung méré bukti yén masarakat Kecamatan Majalaya salaku masarakat nu masih ngariksa kabudayaan nu jadi tali paranti karuhunna. 3 Hakékat kalungguhan manusa dina ruang jeung waktu MW anu nyebutkeun yén mangsa ka tukang dianggap salaku hal anu penting pikeun mangsa ayeuna. Ajén budaya nu nyampak dina kasenian calung katitén tina gelarna ieu kasenian ti mangsa ka mangsa. Kasenian calung diturunkeun sacara turun-tumurun ti generasi ka generasi, nuduhkeun yén kasenian calung mangrupa hasil karya nu diciptakeun ti mangsa nu geus kaliwat. Diciptakeunna kasenian calung salaku cicirén ti masarakat dina mangsa ka tukang miboga udagan pikeun mangsa kahareupna, nyaéta sangkan masarakat dina mangsa ka hareupna moal poho kana tali paranti tradisi karuhunna sarta sangkan masarakat kiwari bisa nyokot ajén-ajén nu aya dina kasenian calung, ogé sangkan masarakatna bisa ngamangpaatkeun ieu kasenian dina ngahasilkeun biaya pikeun nyumponan kahirupanana. 4 Hakékat hubungan manusa jeung alam sabudeureunana MA, anu nyebutkeun yén kabudayaan nyawang hubungan manusa jeung alam sabudeureunana pikeun kasaimbangan. Ajén budaya dina kasenian calung bisa katitén tina waditra-waditra anu dipaké dina kasenian calung saperti calung éta sorangan, kendang, jeung goong. Calung dijieunna tina awi, kendang dijieunna tina kai jeung kulit sato, sarta goong dijieunna tina logam perunggu tur ancakna dijieunna tina kai. Éta hal-hal diluhur téh nu aya di alam sabudeureun para pamaén kasenian calung. Waditra anu dijieun tina awi, kai, kulit, jeung logam perunggu dijieun ku manusa. Ku ayana akal dina diri manusa, mangka bahan-bahan alam nu disebutkeun téh bisa dijieun waditra nu ngahasilkeun sora nu ngawirahma. Dina hakékatna, Pangéran nyiptakeun manusa salaku mahluk nu leuwih mulia batan mahluk séjénna. 5 Hakékat manusa jeung sasama MM anu nyebutkeun yén manusa nu hiji jeung nu séjénna mibanda hubungan horizontal atawa vertikal. Ajén budaya nu nyangkaruk dina kasenian calung katitén ti mimiti prak-prakan minton nepi ka bérésna. Dina ngalaksanakeun pintonan kasenian calung, para pamaén mikabutuh kanu jadi pamingpin kokolot sarta pupuhu pikeun jalanna acara. Salian ti kitu, dina kamekaran ieu kasenian calung téh mikabutuh pangrojong ti masarakat Kecamatan Majalaya. Éta hal dilantarankeun sangkan ieu kasenian téh bakal tetep aya jeung diaku ku masarakat. Pon kitu deui, nalika minton aya panongton nu ngilu némpas kana bobodoran para pamaén calung. Di dieu bisa katitén yén ayana interaksi panongton jeung pamaén. Lian ti kitu, ayana usaha para pamaén kayaning latihan nuduhkeun yén usaha sorangan dina kahirupan bisa ngahasilkeun kaparigelan dina maénkeun calung. Dina hakékatna, para pamaén silih mikabutuh jeung nu séjénna sangkan bisa ngahasilkeun hiji pintonan anu alus jeung lancar. PUSTAKA RUJUKAN Agustyn. 2015. Kasenian Calung Group Triyasa’ di Kota Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI Ulikan Struktural Jeung Éstétika. Skripsi. Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI. Aprilianti, M., spk. 2022. Kebudayaan Indonesia di Era Globalisasi terhadap Identitas Nasional Indonesia. Edumaspul Jurnal Pendidikan. 61, 996-998. ISSN 2548-8201 cetak; ISSN 2580-0469 online Arikunto, S. 2013. Prosedur Penelitian. Jakarta Rineka Cipta. Desita. 2015. Ajén Budaya dina Kasenian Dur Ong di Désa Cikalong Kacamatan Cikalong Wétan Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran di SMA Kelas XII. Skripsi. Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI. Kadiono, H., jeung Harding, D. 2017. Pengaruh Nilai Budaya Sunda dalam Upaya Peningkatan Kesejahteraan Psikologis Korban Bencana Tanah Longsor. Journal of Psychological Science and Profesion JPSP. 11. 27-36. DOI Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta PT. Gramedia. Kubarsah, Ubun. 1994. Mengenal Alat-alat Kesenian Jawa Barat. Bandung CV. Sampurna Lestari. 2016. Ajén Budaya dina Seni Ajéng di Desa Cipelang Kecamatan Ujungjaya Kabupatén Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Skripsi. Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI. Liliweri, Alo. 2014. Pengantar Studi Kebudayaan. Bandung Nusamedia PPID Kabupaten Bandung. 2022. DATA UMUM LEMBAGA KEMASYARAKATAN DESA KECAMATAN MAJALAYA TAHUN 2022le. Rosikin, WK. 2013. Seni Calung dan Perkembangannya. LinguArt Jurnal Bahasa, Seni dan Sastra Fakultas Ilmu Seni dan Sastra Universitas Pasundan. 41. ISSN 1829-7684 Rusmalinda. 2017. Ajén Budaya dina Kasenian Bangréng di Desa Mekarmukti Kacamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XI. Skripsi. Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI. Sugiyono. 2015. Memahami Penelitian Kualitatif. Alfabeta. Sukamdani. 2014. Ajén Budaya dina Kasenian Badogar di Désa Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA. Skripsi. Departemen Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI. ResearchGate has not been able to resolve any citations for this has not been able to resolve any references for this publication.
Planétnyaéta objék anu ngurilingan hiji béntang atawa puing-puing na. Di jero henteu aya metode térmonuklir, aranjeunna gaduh ampir
CALUNG TARAWANGSAFoto google imagesTarawangsa téh méh sabangsa rébab atawa piul. Waditra kését anu gunana pikeun nambahan mamanis laras hiji lagu. Tarawangsa gé sarua maké kawat jeung pangését. Tarawangsa dijieun tina kai anu sakurilingna ditutup kalawan rékép. Ngan di hareup, di bagian tengah, aya liang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Aya beuheungan wéh, panjangna kira-kira 45 cm. Bédana jeung rebab, tarawangsa mah wangunna pasagi. Kitu deui pangésétna ogé mah pangésétna lain tina kenur, tapi tina injuk nu dilélésang ku arpus atawa menyan. Kasenian tarawangsa nu aya di wewengkon Tasikmalaya rada béda jeung tarawangsa di daérah séjén. Tarawangsa nu aya di kampung Cigelap, Cibalong, Tasikmalaya sok diadumaniskeun jeung waditra séjénna umumna lagu buhun anu geus moal dipikawanoh ku barudak lagu anu teu meunang sagawayah ditembangkeun, nyaeta lagu Ayun jeung lagu Pangungsi. Ieu lagu dianggap sakral. Ditembangkeunna ngan dina upacara anu tangtu, upamana dina ngaruat panén, ampih paré, lalaguan nu séjénna kayaning Pingping Konéng, Sangray Muncang, Cipinang, Manuk Héjo atawa mulang, sok ditembangkeun dina acara hajat nyunatan atawa ogé béda jeung calung nu ilahar. Henteu bisa dijingjing da masangna ditalian, ngajéjér, dina raraga kai. Méh kawas arumba, ngan ieu mah ditalian. Di wewengkon séjén mah nu kitu téh disebutna calung katerangan kokolot di Cigelap, kasenian tarawangsa téh geus dipikawanoh ti béh ditu kénéh. Aya nu nyebutkeun kira-kira ti abad ka-12. Basa anu dipaké dina lalaguanna ogé apan basa Sunda kaasup kasenian buhun, calung Tarawangsa ti Cigelap hirup kénéh tepi ka kiwari. Sok aya kénéh nu nanggap di lembur-lembur sabudeureun Tasik. Dina taun 60-an tepi ka 70-an mah ieu kasenian téh dipikaresep pisan ku referensi Tarawangsa itu seperti rébab atau piul alat jenis musik dari bambu sejenis biola. Waditra kését sebutan untuk alat musik atau instrumen tradisional di tatar sunda yang sering dipakai dalam karawitan Sunda yang gunanya untuk menambah tinggi rendahnya nada suatu lagu. Tarawangsa juga sama menggunakan kawat dan penggesek seperti pada biola.Tarawangsa dibuat dari kayu yang sekelilingnya ditutup dengan rapat. Hanya di depan, di bagian tengah, ada lubang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Ada lehernya, panjangnya kira-kira 45 cm. Bedanya sama rebab, tarawangsa itu berbentuk persegi. Demikian pula penggeseknya juga penggeseknya bukan dari senar, akan tetapi dari ijuk yang diberi pelicin oleh arpus atau kemenyan. Kesenian tarawangsa yang ada di daerah tasikmalaya berbeda dengan tarawangsa yang ada didaerah lainnya. Tarawangsa yang ada di kampung Cigelap, Cibalong, Tasikmalaya selalu dipadukan dengan waditra lainya, umumnya lagu lama kuno yang sudah tidak akan dikenali oleh anak-anak saat lagu yang tidak boleh semaunya di nyanyikan, yakni lagu Ayun dan lagu Pangungsi. Ini lagu dianggap sakral. Diperlihatkan hanya dalam upacara tertentu, umpamanya dalam selamatan untuk penolak bahaya saat panen padi, memasukan padi, dan sebagainya. Kalau lalu-lagu yang lainya seperti kayaning Paha Konéng, Sangray Muncang, cipinang, Burung Héjo atau mulang, suka dibawakan dalam acara sunatan atau acara juga berbeda dengan calung pada umumnya. Tidak bisa di jinjing karna masangnya di ikat, berjajar, dalam rangka kayu. Supaya seperti arumba, hanya saja ini fi ikat. Di daerah lain yang seperti ini disebutnya calung rénténg calung seuntai, serangkai.Dari keterangan sesepuh di Cigelap, kesenian tarawangsa ini sudah dikenali sudah lama sekali. Ada yang menyebutkan kira-kira dari abad ke-12. Bahasa yang digunakan dalam nyanyiannya juga soalnya menggunakan bahasa Sunda termasuk kesenian kuno, calung Tarawangsa dari Cigelap masih hidup hingga saat ini. Masih ada yang selalu menanggap di kampung-kampung disekitar Tasik. Dalam tahun 60-an hingga sampai ke 70-an, kesenian ini sangat disenangi oleh masarakat. Artikel Terkait Karawitan Adalah? Pengertian, Fungsi dan Contoh Alat MusiknyaFungsi Angklung di Jawa Barat Berdasarkan 8+ Jenis JenisnyaCiri Ciri Lagu Daerah atau Musik Tradisional dan Pengertiannya Angklungnyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog Origin is unreachable Error code 523 2023-06-16 202114 UTC What happened? The origin web server is not reachable. What can I do? If you're a visitor of this website Please try again in a few minutes. If you're the owner of this website Check your DNS Settings. A 523 error means that Cloudflare could not reach your host web server. The most common cause is that your DNS settings are incorrect. Please contact your hosting provider to confirm your origin IP and then make sure the correct IP is listed for your A record in your Cloudflare DNS Settings page. Additional troubleshooting information here. Cloudflare Ray ID 7d85c18ccaf11c9e • Your IP • Performance & security by Cloudflare 5 Jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca. Niténan Adegan Artikel leu di handap aya deui conto artikel. Pék baca dina jero haté tur lenyepan! Geus kitu, titénan bagian-bagian anu ngawangun éta artikell. Ngilikan Karinding Ku: Dikdik Mulyadi Budiman Karinding téh hiji waditra anu dijieun tina awi atawa tangkal kawung.